Info Seputar Garut

Kabupaten Garut, adalah sebuah Kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesia.

Recent Posts

Bobodoran Sunda Kang Maman

Bobodoran Sunda Kang Maman




ASAL USUL OCAD
“Ema, ari Ocad asalna ti mana ?” ceuk Ocad nanya, bari melong beungeut Ceu Ikoh. Ceu Ikoh teu waka ngajawab, kalah silih pelong jeung Kang Suryana.

 “Kieu, Cad. Asalna mah Bapa teh kawin ka Ema. Terus Ema teh kakandungan. Ari nu nyababkeun kakandungan teh tepungna bapa sareng ema. Ocad teh dikandung dina jero beuteung Ema lilana salapan bulan, nya lahir Ocad,” ceuk Kang Suryana mangnembalankeun.

 “Ih, geuning saur Ceu Tini mah asalna ti Tasik ?” tembal Ocad semu bingung.

TUKANG SADAP
*  C ocih balik tiwarung tas meuli bala-bala…..
Cepot : cih,,haneut teu bala-bala teh ?
 Ocih : panas kang anyar ngajait..
 Cepot : dieukeun etah koranna….
 Ocih : harr kalah hyg bungkusna..
 Cepot : heu teu gaul manehna cih, koranna pan ka panasan ku bala-bala geus pasti beritana hangat. Ieu tah beritanya deuleu….. Telpon SBY disadap Australia…beu… Cih ,,,sigana di australi mah weh tanggal aren meureunnya….
 Ocih : oh,,,paingan atuh kang minumannana anggur, da weh lahang cara di urang,,,ckckckkk… Cepot : heu sigana mun ki jumad asup koran bakal terkenal cih..
 Ocih : naha kang ?
 Cepot : apan ki jumad mah purah nyadap unggal poe…
 Ocih : heu euh bener nya kaang….

 NIKAH
* Maman : neng, aa teh bener bener cinta ka eneng..
Neng Rina : ah nu leres a?
Maman : leres ikh.. Ari neng cinta teu ka aa?
Neng Rina : nya cinta atuh a..
Maman : mun eneng cinta ka aa, urang nikah atuh yu!!
Neng Rina : ikh ari aa, apan urang na ge sakola keneh.?!
Maman : em… Kmh lamun urang nikah na poe minggu atuh.! Pan poe minggu mah libur.!!
Neng Rina : ???