Info Seputar Garut

Kabupaten Garut, adalah sebuah Kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesia.

Recent Posts

Bobodoran Sunda Ala Kang Maman

 Bobodoran Sunda Ala Kang Maman




 BACA BBM
*Emen : bro bro, bbm baca bro, buru penting!
 Uhun : geus bro, geus dibaca
 Emen : bales atuh jurig !!
 Uhun : apanan nitahna ge dibaca wungkul bro
 Emen teu eling))’

 CALANA KOLOR
*Oded: neng kadieu heula sakeudeung
Neng: aya naon kang? (Nyampeurkeun)
Oded: ieu pang garokeun taeun akang (bari muka kolor)
Neng: (olohok) alaahhh siah..loba sireuman kieu kang, na kunaon ath taeun th bet di geubrong ku sireum (bari di garo)
Oded: heu’euh nyaeta ti saprak make kolor itu tuh (nunjuk kanu kolor)
Neng: alaahh..paingan ath, da kolor eta mah tadi di pake ngelap cai gula tadi bahe..
Oded: haduhh…kabiasa’an maneh mah ngelap sok kunaon wae, nyaho eta th kolor hiji-hijina (luwa lewe rek leweh)

KABIASAAN
* Neng: sa’acan neng nampi kana cinta aa,, neng hoyong terang heula kabiasa’an aa nu sae, naon wae??
Oded: upami nuju emut wae ka neng, aa langsung netepan weungi,,trus ngaos Qur’an, upami tos cinta ka hiji wanoja, tara nolih nu sanes, satia tos janten kabiasa’an, aa tara telat netepan 5 waktos, rajin, sopan, berehan, bageur,,,
Neng: cekap,,,cekap,,,muhun neng ngartos,,,neng bagja pisan gaduh calon kabogoh sapertos aa,,,tah ayeuna kabiasa’an aa nu awon na naon??
Oded: mung hiji neng…
Neng: muhun naon??
Oded: resep ngabohong…
Neng: ah, eta mah keneh-kehed atuh aa gedebul mah…(Neke si oded ku selop)

PUTUS HUBUNGAN
*Maman :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Maman teu nyaah, tapi……….”
Mumun :“Naon ari Maman ? Hubungan naon ieuteh ?“
Maman :“Muhun, hubungan perkawis hutang“.
Mumun :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“  hmmmmmm :(