Info Seputar Garut

Kabupaten Garut, adalah sebuah Kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesia.

Recent Posts

Kumpulan Humor Sunda Lucu Bin Ngakak


Ngajak Nikah Humor Sunda
Maman : neng, aa teh bener bener cinta ka eneng..
Neng Rina : ah nu leres a?
Maman : leres ikh.. Ari neng cinta teu ka aa?
Neng Rina : nya cinta atuh a..
Maman : mun eneng cinta ka aa, urang nikah atuh yu!!
Neng Rina : ikh ari aa, apan urang na ge sakola keneh.?!
Maman : em… Kmh lamun urang nikah na poe minggu atuh.! Pan poe minggu mah libur.!!
Neng Rina : ???


Rumah Tangga Humor Sunda
Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran
keur pasea jeung pamajikanana.

Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku
sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
pasea jeung aing!

Tukang Baso Humor Sunda
Oneng : Gung, kunaon tukang baso nakolan mangkoq ?
Agung : Sabab mun nakolan tihang listrik mah lain tukang baso ngarana.
Oneng : Salah !!!!
Agung : Naon atuh ?
Oneng : Sia mah belegug, nya ku sendok atawa garpuh atuh.
Agung : HUAHAHAHAHAHAHAHAHAH


MIE ANU NYEBABKEUN ASUP NARAKA
HATI-HATI.......
8 jenis MIE nu teu meunang dikonsumsi sbb bisa ngakibatkn ka naraka, nyaeta:
1.mie dua ALLOH.
2.mie mie susu lain muhrimna.
3.mie luan aliran sesat.
4.mie kiran teuing dunia.
5.mie harep asup surga ku amalan goreng.
6.mie lampah pagawean setan.,
7.mie ceun runtah kana beungeut mitoha.
8. Mie kul pamajikan batur