Info Seputar Garut

Kabupaten Garut, adalah sebuah Kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesia.

Recent Posts

Kumpulan Humor Lucu Sunda

Kumpulan Humor Lucu Sunda



Dokter keur nitah maca ka aki-aki nu keur dipariksa.
“Ieu naon Ki?” bari nunjuk kana aksara nu laleutik.
“Teu kabaca!”
“Ari nu ieu?” cek dokter bari nunjuk kana aksara nu rada gedean.
“Sarua teu kabaca!”
“Nu ieu atuh yeuh, ki?” bari nunjuk aksara anu panggedena.
“Teu kabaca oge!”
“Piraku! Sakieu gedena teu kabaca keneh mah?”
“Da ti baheula oge aki mah teu sakola! Jadi teu bisa maca!”


Budah Cacat Humor Sunda
Jajang: “Karunya ka ceu Imas, rajeun teh boga budak.....”
Montir: “Ku naon kitu? Burusut tuluy?”
Jajang: “Laiiin. Ngajuruna teh budaknya cacad.”
Montir: “Euleuh! Cacad naonna kitu?”
Jajang: “Euweuh huntuan!”
Montir: “Gejul teh, hanas didengekeun!”


Supir Lieur Humor Sunda
Supir Jajang: “Bade liren we janten supir teh, Pa. Geuning teu mendak wae penumpang. Aya nu ngajanteng sisi jalan mung ngacungkeun curuk wungkul.”
Bapa Montir: “Puguh nu ngacungkeun curuk teh nu rek tumpak. Ari ku maneh dikumahakeun?”
Supir Jajang (bari ngajenghok): “Ampuun… ari manawi teh ngajak suten, hanas diasongan jempol!!”


Hamil 7 Bulan Humor Sunda
Koh Acong keur ngolo pamajikanna ngajak kituan, pamajikanana keur reuneuh 7 bulan.

Acong: “Mam, hayu atuh ulang kituan!!”
Mamah: “Ah ari si engko teh, kamari alesanana hayang nyieun ceuli, keur itu hayang nyieun panon, terus hayang nyieun rambut, ayeuna alesan naon deui?”
Acong: “Henteu, ayeuna owe mah ngan hayang mere minyak lambut!”


Buka Bersama (Open Together
Ema: Ujang bade kamana tos rapi kitu?
Ujang: Bade open together ma di masjid An_Nur
Ema: Ari kamari ti mana? pan kamari ge di oven
Ujang: Kamari mah open together na di sakola
Ema : Ari isuk rek dimana diovena?
Ujang: Enjing mah di Yayasan Al Mubarokah open togetherna.
Ema: Moal tutung eta awak ujang ungal sore di oven wae.... di imah we atuh pan ema ge boga oven mah.
Ujang: +-...?!!!!


Game Over Humor Sunda
Kiwari di sakola SD oge tos disadiakeun fasilitas komputer pikeun barudak supaya teu gaptek. Guru komputer nayakeun ka muridna:
Guru : Game naon nu dipikaresep?
Ucu : Game Bola
Guru: Ci, game naon?
Uci : Game Perang
Guru : Pami Aca resep game naon?
Aca : Game Over Pa
Guru : ...???
Aca : Muhun pa panginstalken Game Over na komp abdi pa.


Kopi :Luwak Humor Sunda
Di kelas Pa Guru nganjentrekeun ka murid-muridna:
Guru: Barudak kudu apal yen kopi luwak teh sihoreng ngaburusut tina bujur careuh.
Murid: Kumaha Pa pami careuhna musnah padamoro?
Guru : Kopina baheum ku maneh ... ngaburusut tina bujur maneh


Jiang Zemin Humor Sunda
Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"
Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"